Bawang bodas
Bawang Bodas | |
---|---|
Bawang putih | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | Allioideae
|
Tribus: | Allieae
|
Génus: | |
Spésiés: | A. sativum
|
Ngaran binomial | |
Allium sativum |
Bawang bodas atawa Allium sativum L, mangrupa pepelakan anggota familia lilaceae anu loba tumuwuh di Indonésia utamana di Jawa Tengah sarta Nusa Tenggara.[1][2]
Asal Muasal
[édit | édit sumber]Asia tengah nyaéta lokasi anu mangrupa pusat asal muasalna bawang bodas sarta A Longicuspis anu boga sipat éndemik di Asia tengah, bisa mangrupa tipe nini moyang liarna.[3] Bisa dicindekkeun A Longicuspis ngahasilkeun siki anu bisa tumuwuh, samentara bawang bodas biasana henteu tapi sawatara klon A Sativum bisa ngahasilkeun sababaraha siki anu bisa tumuwuh.[3] Kiwari keur diupayakeun pepelakan anu bisa dikembangkeun ku siki.[3] Bukti isozom terkini nunjukkeun yén misahkeun bawang bodas ti A Longicuspis kurang bener.[3] Aya bukti deui yén bawang bodas téh geus biasa digunakeun di Mesir saméméh taun 2000 SM, jeung di Cina ogé di India leuwih ti 1000 taun ka tukang.[3] Padang ti Eropa mantuan nyebarkeun bawang bodas terus-terusan nepi ka jadi komoditas sayuran anu penting di dunia, minangka bumbu pikeun masakan.[3] Sanajan ngan ukur dipaké sapersapuluhna ti batan bawang beureum, bawang bodas mangrupa Allium kadua anu loba digunakeun.[3] Bawang bodas loba diproduksi hampir ku sakabéh negara,jeung dibudidayakeun anu dimimitian ti khatulistiwa nepi ka lintang 50°.[3] Sanajan tumuwuh sarta rupana rada jiga bawang bombay, bawang bodas béda dina hal daunna anu padet, wangunna ngabentuk hurup V, jeung ngagulung sacar longitudinal.[3] Nu ngabédakeun tinu séjénna nyaéta yén ujung daun bawang bodas teu nendeun kadaharan.
Ciri-ciri
[édit | édit sumber]Bawang bodas anu penting pikeun ubar nyaéta beuti watangna anu miboga bau anu khas aromatik, rasana lada, uraiana makroskopikna :
- Mangrupa beuti majemuk anu bentukna rata-rata rada buleud, miboga garis tengah 4 cm nepika 6 cm.[1]
- Warnana bodas diwangun ku sababaraha siung (8 nepika 20 siung), anu sakabéhna kabungkus ku 3-5 selaput ipis warna bodas.[1]
- Unggal siungna dibeulit ku 2 selaput ipis, selaput luar warnana ngadeukeutan warna bodas jeung rada logor, sedengkeun selaput luar ngabungkus rakeut dina bagian luar daging siung, warnana jambon, anu babari diesotkeun.[1]
Kandungan zat-zat dina beuti bawang bodas, nyaéta :
- Minyak atsiri antara 0,1% nepika 0,5% anu eusina dialildisulfida, alilpropildisufida jeung senyawa sulfur organik séjéna.[1]
- Alin (teu miboga bau) anu dina hidrolisa bisa nimbulkeun bau bawang, ku dosis antara 2 gram - 8 gram bisa digunakeun pikeun obat antiseptika, antispasmodika, antiiritansia.[1]
Khasiatna
[édit | édit sumber]- Ngahambat morosotna uteuk sarta sistem kekebalan
- Mantuan ngahambat prosés ngolotan
- Ngahambat tumuwuhna sél kangker
- Kalayan ngonsumsi bawang bodas, resiko katularan kanker bisa dikurangan
- Bawang bodas anu dikonsumsi sacara rutin dina jangka waktu nu tangtu bisa mantuan nurunkeun kadar kolésterol
- Zat anti-kolesterol dina bawang bodas anu ngaranna ajoene nulungan nyegah penggumpalan getih
- Bawang bodas bisa mantuan meredakan stress, kahariwang, sarta déprési, jeung éfék anu leuwih lembut
- Bawang bodas ngandung vitamin A
- Bawang bodas ngandung vitamin B
- Bawang bodas ngandung vitamin C
- Bawang bodas ngandung kalsium
- Bawang bodas ngandung potasium
- Bawang bodas ngandung antioksidan
- Bawang bodas ngandung karotén sarta selenium
- Ngonsumsi 2-3 siung bawang bodas sapoé, baris nyingcetkeun tina kamungkinan miboga panyakit jantung,
- Nyageurkeun tekenan darah tinggi
- Ngaringankeun tukak lambung
- Nurunkeun kolesterol dina getih
- Ngaronjatkeun insulin getih pikeun penderita diabetes
- Ngalumpuhkeun radikal bébas anu ngaganggu sistem kekebalan awak
- Méré mangpaat pikeun penawar racun (detoxifier) anu nangtayungan awak tina sagala rupa panyakit
- Mantuan nambahan napsu dahar lamun didahar atah-atah
- Ngajaga stamina awak
- Ngandung khasiat antimikroba, antitrombotik, hipolipidemik, antiarthritis, hipoglikemik, sarta ogé miboga antivitas minangka antitumor [4]
Tapi sakumaha hasiatna hiji ubar, lamun henteu dimbangan ku pola hirup nu bener bakalan sia-sia.[4][5]
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f (id) Kartasapoetra, G.2006.Budidaya Tanaman Berkhasiat Obat.Jakarta:PT Rineka Cipta
- ↑ Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941.
- ↑ a b c d e f g h i (id) Rubatzky, Vincent E.1998.Sayuran Dunia 2.Bandung:ITB Bandung
- ↑ a b (id) Khasiat Bawang (diaksés tanggal 07 Oktober 2011)
- ↑ Jonathan, Rigg; Jonathan (1862), A Dictionary of the Sunda Language of Java, Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, p. 194
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Allium sativum. |