Lompat ke isi

Tumbila

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Automatic taxobox help
Thanks for creating an automatic taxobox. We don't know the taxonomy of "Cimex".
  • Is "Cimex" the scientific name of your taxon? If you were editing the page "Animal", you'd need to specify |taxon=Animalia. If you've changed this, press "Preview" to update this message.
  • Click here to enter the taxonomic details for "Cimex".
Common parameters
  • |authority= Who described the taxon
  • |parent authority= Who described the next taxon up the list
  • |display parents=4 force the display of (e.g.) 4 parent taxa
  • |display children= Display any subdivisions already in Wikipedia's database (e.g. genera within a family)
Helpful links
Tumbila
Cimex lectularius
Klasifikasi ilmiah e
Missing taxonomy template (fix): Cimex
Spésiés

Tumbila atawa tumila nyaéta gegeremet peuting (nokturnal) ti famili Cimicidae nu hirup salaku hématofagi, nyeuseup getih manusa jeung inang getih-haneut lianna.

Biologi

[édit | édit sumber]

Genera jeung spésiés

[édit | édit sumber]

Cimex lectularius mangrupa kutu nu pangbisana ngaluyukeun manéh jeung ligkungan, sumebar di wewengkon nu iklimna sedeng ti jaman kuna. Spésiés lianna kayaning Cimex hemipterus nu aya di wewengkon tropis (kaasup Indonésia), nu ogé sok nyerang sato ingon jeung kalong, sarta Leptocimex boueti nu aya di wewengkon tropis Aprika Kulon jeung Amérika Kidul, sok nyoco kalong jeung manusa. Cimex pilosellus jeung C. pipistrella utamana nyoco kalong, sedengkeun Haematosiphon inodora, spésiés ti Amérika Kalér, utamana nyoco ternak.

Dedegan

[édit | édit sumber]

Tumbila sawawa kelirna coklat semu beureum, depé, lonyod, bulu mikroskopik antukna katémbong garis-garis, tanpa jangjang, panjangna 4–5 mm sarta gerakna laun. Anakna nu kakara megar awakna sepa, beuki gedé beuki nyoklatan.

Daharna

[édit | édit sumber]

Ilaharna mah tumbila téh getolna peuting, utamana wanci janari, tapi bisa ogé pabeubeurang, mun aya kasempetan. Tumbila ieu katarik ku haneut jeung gas karbon dioksida, nyoco maké 'tulalé' nu dua solobongna: hiji pikeun nyuntikkeun ciduh nu ngandung anti-koagulan jeung anéstétik/pangbaal, hiji deui pikeun nyerot getih. Sanggeus nyoco salila kira lima menit, sakadang tumbila balik deui ka panyumputanana. Tapak nyoco téh biasana kakara karasa sababaraha menit atawa sa-jam-an sanggeusna, salaku réaksi dermatologis kana zat anu disuntikkeun. Najan bisa hirup tanpa dahar nepi ka 18 bulan, tumbila ilaharna néang cocoeun unggal lima-sapuluh poé.

Kadang, mun dicoco tumbila, urang sok ngarasa kotor. Padahal, tumbila mah katarik sotéh ku karbon dioksida tina engapan, lain ku kokotor atawa nu lianna, sarta ukur nyedot getih, tara kana runtah. Kabérésihan lingkunganana euweuh patalina jeung pangaruh tumbila ka awak urang.

Najan awak tumbila bisa baé mawa patogén na awakna, kayaning wabah Bubonik jeung hépatitis B, tapi can kungsi aya laporan ngeunaan tépana ieu panyakit ngaliwatan ieu kutu, aya ogé nu keuna ku impéksi kulit tina tatu urut nyocona alatan.

Baranahan

[édit | édit sumber]

Tumbila bikang bisa endogan nepi ka lima sapoéna, sarta 500 sapanjang hirupna. Panjang endogna kira 1 mm (kira sagedé lisa, bisa katempo), warnana bodas.

Aya sababaraha spésiés tumbila nu jaluna boga sarupaning cocok nu disékrésikeun ku jaluna sanggeus jalangan nu nutup palawangan bikangna antukna jalu nu séjén teu bisa ganggu.

Dina Xylocaris maculipennis, jaluna bisa 'némbak' jalu lian nu keur jalangan, antukna gén anu asup kana aliran getih bisa ngalir ka bikang korbanna. Dina A Natural History of Sex, Adrian Forsyth nulis "Spérma nu merkosa téh asup kana vas deferens korban jaluna sahingga dipaké ku korbanna nalika kopulasi" ("The sperm of the rapist enters the vas deferens of his male victim and is used by the victim during copulation". Kajadian ieu ogé karandapan ku kéong cai darat genus biomphalaria, nu mangrupa véktor sistosomiasis (Forsyth, 1991).

Gangguan

[édit | édit sumber]

Mitambeyan nyerang

[édit | édit sumber]

Aya sababaraha jalan nepi ka patempatan urang jadi aya tumbilaan. gegeremet ieu bisa kabawa ti hotél, losmén/pamondokan, sarta tempat-tempat umum lianna, atawa tina parabot rumah tangga nu dibawa, pakéan ti tempat umum, jsb., tapi ilaharna mah teu langsung kabawa dina pakéan nu keur dipaké. Mun geus aya di jero wangunan mah, tumbila bisa sumebar ka rohangan-rohangan séjén, gumantung kaayaan pindingna.

Tempat nyerang

[édit | édit sumber]

Tumbila téh awakna depé, antukna bisa nyelap dina sela-sela anu heureut, nyumput dina kasur, matras, samak, furnitur, karpét, jsb., kadang nyorangan, kadang ngumpul ngagorombol. Tumbila lain gegeremet sosial jeung tara nyayang, bisa nyaba sakilo jauhna pikeun néang hakaneun, tapi biasana mah nyumput sarta tetep deukeut ka mangsana di kamar saré atawa dina sofa nu sok disaréan.

Nyusud serangan

[édit | édit sumber]

Tumbila bisa disusud ku néang noda taina nu hideung dina sela kasur, atawa, teu kahaja, katindes antukna bucat nimbulkeun coréng beureum getih. Mun ditindes, awak tumbila bakal ngaluarkeun bau féromon nu matak sebel, nu ogé bisa kaambeu dina hawa nu teu kakekeb.

Rujukan

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]