Lompat ke isi

Tiori informasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Téori informasi (Inggris: information theory) nyaéta disiplin élmu dina widang matematika terapan anu patali jeung kuantisasi data ku kituna data atawa informasi éta bisa ditunda sarta dikirimkeun tanpa kasalahan (error) ngaliwatan hiji kanal komunikasi. Entropi informasi (information entropy) mindeng dipaké minangka pakakas pikeun maksud ieu, sarta biasana dinyatakeun minangka lobana bit rerata anu diperlukeun pikeun penyimpanan sarta pengiriman informasi kasebut. Contona, lamun kaayaan cuaca poéan dinyatakeun kalawan entropi 3 bit, mangka urang katakan yén cuaca éta miboga rata-rata 3 bit unggal poéna.

Aplikasi ti topik dasar dina téori informasi ngawengku kompresi data tanpa cacad (lossless data compression, dina file ZIP contona), kompresi data (lossy data compression, dina file MP3, contona), sarta pengkodéan kanal (channel coding, dina saluran DSL, ADSL dll). Biasana téori informasi mangrupa titik temu ti widang –bidang matematika, statistika, élmu komputer, fisika, neurobiologi, sarta téknik listrik sarta komputer. Implementasi ti téori ieu berdampak langsung kalawan misi rohang jomantara, pamahaman ngeunaan liang hideung dina galaksi, kalawan panalungtikan linguistika sarta persepsi manusa, kalawan raramat komputer, raramat Internet sarta raramat telepon genggam.

Fungsi entropi biner Bernoulli

Sacara husus, téori informasi nyaéta cabang ti matematika kasempetan sarta statistik, anu patali jeung konsép informasi sarta entropi informasi kawas geus dijelaskeun di luhur. Claude E. Shannon (1916-2001) dipikawanoh minangka "bapa ti teori informasi". Shannon mendefinisikan pengukuran ti entropi informasi (dina bit) minangka:

Rumus ieu lamun dilarapkeun dina hiji asal informasi, bisa nangtukeun kapasitas ti saluran anu diperlukeun pikeun ngirim data anu ditarjamahkeun ka dina digit biner.

Pranala luar

[édit | édit sumber]


Mangga anggo  {{Tiori informasi|state=collapsed}}  atanapi  {{Tiori informasi|state=uncollapsed}}  kanggo ngawitan kaayaan citakan, naha nilep (nyumput) atanapi henteu (katingali).
Mangga anggo  {{Tiori informasi|state=autocollapse}}  kanggo nilepan citakan mung saupami aya citakan sanes nu sarupi dina kaca eta.