Jataké
Jataké Gandaria | |
---|---|
Buah gandaria ngora | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | Meisner, 1837
|
Spésiés: | B. macrophylla
|
Ngaran binomial | |
Bouea macrophylla Griffith
|
Jataké atawa gandaria (Bouéa macrophylla Griffith) nyaéta pepelakan anu asalna ti kapuloan Indonésia jeung Malaysia. Pepelakan ieu tumuwuh di wewengkon tropis, sarta réa dibudidayakan di Sumatra jeung Thailand.[1]
Gandaria dimangpaatkeun buahna, daunna, sarta tangkalna. Buah gandaria warnana héjo waktu masih ngora, sarta mindeng dijadikeun bahan rujak atawa campuran sambel gandaria. Buah gandaria anu asak warnana konéng, rasana haseum semu amis sarta bisa didahar langsung. Daunna dipaké minangka lalab. Tangkal gandaria bisa dijadikeun papan.
Botani
[édit | édit sumber]Gandaria mangrupa tangkal nu jangkungna nepi ka 27 m kalawan tajuk nu rapet. Daunna tunggal, bentukna bunder endog nepi ka wangun lanset atawa jorong. Waktu ngora warnana bodas, tuluy lalaunan jadi wungu kolot, saterusna jadi héjo kolot. Kembangna mecenghul dina kélék daun, bentukna rada buleud, kalayan diaméter 2,5–5 cm, warnana konéng nepi ka konéng gedang, daging buahna ngaluarkeun cacai kentel; buahna henteu buluan, rasana haseum nepi ka amis, jeung boga ambeu anu has rada ngadeukeutan ambeu terpentin. Warna sikina lumayung.
Gandaria nyaéta tutuwuhan tropis baseuh sarta bisa tumuwuh dina taneuh anu hampang sarta subur. Tumuwuh liar di leuweung dataran handap; di handapeun 300 m ti beungeut laut, tapi dina budidaya gaeus aya nu hasil melak dina dataran nu luhurna kira-kira 850 m ti beungeut laut.
Rujukan
[édit | édit sumber]- Gandaria di IPTEKNET Archived 2007-09-27 di Wayback Machine
- ↑ Priyadi, H., Takao, G., Rahmawati, I., Supriyanto, B., Nursal, W. I., Rahman, I. (2010). Five hundred plant species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: a checklist including Sundanese names, distribution and use. CIFOR, Bogor, Indonésia. ISBN 978-602-8693-22-6 [1]