Lompat ke isi

Andawali

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tangkal Andawali
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
T. crispa
Ngaran binomial
Tinospora crispa
(L.) Miers ex Hoff.f[1](Diakses pada tanggal 01 Oktober 2011)

Andawali; hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga menispermaceae.[2] Kaasup tangkal nu ngarambat, manjang hirupna, ajeg, jangkungna ngahontal 15 méter, kaambeuna seukeut, ilaharna hirup dina taneuh nu beueus sarta ngandung loba humus, ieu pepelakan liar téh ayana di leuweung.[3][4] Watangna sagedé ramo cingir, korodok (bintil-bintil) rapet sarta rasana pait, daunna tunggal, aya gagangan, wangunna kawas jantung atawa rada buleud jiga endog turta tungtungna léncop, panjangna 7–12 cm, rubakna 5–10 cm, kembangna leutik, kelir héjo ngora, ngawangun turuy semu, andawali ogé bisa dipelak ku cara disték.[5] Ieu pepelakan téh asalna ti Asia kidul-wétan, contona di Indo Cina, Semenanjung Melayu, Filipina sarta Indonésia (Jawa, Bali, Ambon).[6] Di Sumatera, andawali téh dipikawanoh ku ngaran anyar cina; disawaréh Jawa Kulon nyebutna batrawali; di Jawa disebut daun manis, brobos krebo, beunghar kucicing, jukut lokot mala, jeung suket gajahan. Di Kapuloan Maluku disebut kolo, goro-goro cina; di Cina disebut cam cao, ai ye; sedengkeun di Sunda disebut brotowali, andawali.[4][7]


Khasiat

[édit | édit sumber]

Dina tangkal andawali, kulit jeung watang andawali ngandung zat-zat kawas alkaloida sarta damar béyé, boga warna konéng keur akarna ngandung zat berberin sarta kolumbin.[6] Eusi alkaloid berberina kapaké pikeun maéhan bakteri dina tatu.[6] Andawali ogé méré mangpaat pikeun nambahan napsu dahar sarta nurunkeun kadar gula.[6] Zat pait pikroretin bisa ngarangsang gawé urat saraf ku kituna pakakas pernapasan nu gawéna kalayan alus sarta leuwih ngabantu patukerna zat, ku kituna bisa nurunkeun panyakit panas.[6] Salian ti éta ogé khasiatna bisa ngubaran rematik, konéngeun, sarta diabétés.[8] Pepelakan andawali ogé bisa jadi ubarpanyakit diséntri, bronkitis, kaguguran, utah getih, sarta pendarahan dina usus.[4][7]

Cara Nyieun Ubar tina Andawali

[édit | édit sumber]

Pepelakan andawali (Tinospora Crispa) geus lila dipaké ku karuhun bangsa Indonésia pikeun ngubaran sagala rupa panyakit.[8] Salah sahijina nyaéta minangka ubar panyakit diabétés sarta ngabersihan getih. Pepelakan andawali émang cukup beunghar kalayan eusi bahan kimiana anu méré mangpaat.[8] Di antarana alkaloid, damar beyé, pati, glikosida pikroretosid, zat pait pikroretin, harsa, berberin, palmatin, kolumbin, sarta kokulin. Kalayan rupa-rupa eusi kasebut andawali miboga éfék minangka nu ngajaga rasa gering, antipiretik, ngalancarkeun meredian sarta antineoplastik.[2] Sipat pepelakan ieu tiis jeung rasa pait ku kituna pas pikeun ngobatan gering diabétés.[8] Dina Nyéngharkeun tanaga alatan getih sanggeus ngalahirkeun, cokot 4 potong andawali, kulub dina 6 gelas cai nepi ka nyésa 2 gelas, terus diinum. Lakukeun 2 x 1 gelas sapoé saacan dahar nepi ka cageur deui.[4] Dina ngubaran diséntri ogé bisa ku andawali, carana nyaéta: andawali dicampur jeung jahé, dikulub dina 4 gelas cai, nepi nyésa 2 gelas. Diinum 3 x 1 gelas sapoé.[4] Panyakit ayan atawa épilépsi ogé bisa dicagerkeun ku andawali. Carana: cokot akar andawali sacukupna, 1 rimpang jahé, saeutik gula, terus kulub dina 4 gelas cai, nepi nyésa 2 gelas. Cai kuluban éta terus diinum sapoé 2 x 1 gelas.[4]

Tangkal Andawali

Cara Melak Andawali

[édit | édit sumber]

Salaku nu kaasup tangkal ubar, andawali bisa dipelak ku cara sték, saperti di handap ieu:

  • Milih tangkal andawali nu hadé.[4]
  • Keureut kira-kira 15 nepi 20 cm.[4]
  • Sangkan menagkeun hasil nu hadé, teu langsung dipelak di kebon, tapi leuwih hadé dipelak heula di pot atawa polibak.[4]
  • Sanggeus pot atawa polibék dieusi taneuh, pelakeun di pot/polibak tungtung handap andawali nu geus dikeureut tadi.[4]
  • Simpen di tempat nu iuh, jauhkeun tina sorot panonpoé.[4]
  • Sébor paling lila 2 poé sakali.[4]
  • Sanggeus sababaraha minggu, jeung sirungna rada jangkung, tangkal andawali kudu dipindahkeun ka kebon.[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. (en) klasifikasi ilmiah
  2. a b Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN 9786028693226. 
  3. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  4. a b c d e f g h i j k l m (id)Tim Guru Cinta Lingkungan. 2006.Pendidikan Lingkungan Hidup.Bandung. kaca 9
  5. (id) andawali Archived 2011-08-21 di Wayback Machine (Diaksés kaping 21 Séptémber 2011)
  6. a b c d e (id)wilayah pepelakan[tumbu nonaktif] (Diakses ping 21 Séptémber 2011)
  7. a b Bagus Pratama, Aditya; Firzatullah Dwiko R. (2021). Khasiat Tanaman Obat Herbal. Jakarta: Pustaka Media. p. 60. ISBN 9786028214537. 
  8. a b c d mangpaat andawali(Diakses pada tanggal 21 September 2011)