Analisis Pupujian Di Daerah Sukabumi Kecamatan Sagaranten Jeung Kadudampit

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 35

ANALISIS PUPUJIAN DI DAERAH SUKABUMI

KECAMATAN SAGARANTEN JEUNG KADUDAMPIT

diajukeun kanggo mereskeun tugas Mata Kuliah Sastra Sunda

Dosen Pengampu : Deni Suswanto, M.Pd

Oleh:

ASYSYIFA AULIA
1185020025

UNIVERSITAS ISLAM NEGERI SUNAN GUNUNG DJATI


BANDUNG
FAKULTAS ADAB DAN HUMANIORA
BAHASA DAN SASTRA ARAB
2019
Syair atanapi nadzom dikenal salaku salah sahiji budaya Islam di tanah Sunda,
tapi henteu ngan di Sunda hungkul, nadzom oge aya di Jawa sareng daerah sanes nu
aya di Indonesia. Nadzom dina basa Arab oge disebat puisi atawa sajak sedengkeun
dina basa Sunda éta disebat pupujian. Pupujian biasana tiasa dipanggihan di antawis
para santri sareng murid dina majelis ta'lim. Pupujian ngandung ajen pendidikan
moral Islam, fiqh, syahadat, sajarah, sareng anu sanesna.

Macakeun atawa nembangkeun pupujian biasana ditembangkeun sateuacan


guru datang jang ngajar. Aya oge nu di tembangkeun sateuacan nyauran sholat,
sateuacan pangajian, perayaan aqiqah, aya sababaraha urang oge anu nembangkeun
pupujian antara adzan sareng iqamat anu dimaksudkeun ngadagoan anu sanes datang
pikeun sholat jamaah, sareng anu sanesna.

“Nadzom menurut bahasa adalah karangan, sedangkan menurut istilah adalah


puisi yang berasal dari parsi, terdiri dari 12 larik, berirama dua-dua atau empat-empat,
yang isinya tentang hamba sahaya istana yang setia dan baik budi pekertinya”1

Nu hartosna nadzom dumasar kana basa nyaeta komposisi, sedengkeun


numutkeun eta istilah nyaeta sajak anu asalna tina parsi, diwangun ku 12 galur,
wirahma dua atanapi opat opat, eusi hamba satia tina istana setia sareng tata krama.

Maksud nadzom dina basa Arab anu disebut puisi nyaeta pidato atanapi
tulisan anu ngagaduhan wazan atanapi bahr (nuturkeun irama gaya kuno) sareng
qafiyah (sajak akhir atanapi kasesuaian garis akhir) oge unsur ekspresi rasa sareng
imajinasi anu kedah langkung dominan tibatan prosa.2

Ngaran sanes pikeun nadzom dina basa Sunda nyaeta pupujian nyaeta puisi
anu eusina pujian, doa, nasihat, sareng ajaran Islam. Namung sakapeung istilah

1
Hasan Alwi, dkk. Kamus Besar Bahasa Indonesia, (Jakarta: Balai Pustaka, 2003), hal. 777.
2
Sukron Kamil, Teori Kritik Sastra Arab (Depok: PT Rajagrafindo Persada, 2012), hal. 10.
pupujian dibédakeun tina istilah nadzom. Pupujian diinterpretasi salaku sajak anu
eusina muji pujian ka Allah SWT, sedengkeun nadzoman diinterpretasi salaku puisi
anu eusina ngeunaan ajaran agama.

Pupujian nyaeta puisi tradisional anu eusina muja-muji kaagungan pangeran,


solawat ka kanjeng Nabi, pepeling atau umajak ngajalankeun ibadah (salat, puasa,
jeung seterusna). 3

Ditingali tina eusina, pupujian teh bisa di golongkeun kana sababaraha bagian,
nyaeta:

1. Muji ka Gusti Alloh

Contona: Ya Alloh nu sipat rohman

Ni’matna ngawalatraan

Sadayana kabagian

Ka nu kapi ka nu iman

2. Solawat ka Kanjeng Nabi

Contona: Rohmat Alloh salam Alloh

Ka Toha utusan Alloh

Ka Yasin kakasih Alloh

3. Do’a jeung Tobat ka Pangeran

Contona: Mugi Gusti ngahampura

Kana dosa jisim abdi

3
Yayat Sudaryat, dkk. Pangjembar Basa jeung Sastra Sunda (Bandung: Thursina, 2016), hal 146
Sareng dosa ibu rama

Dulur muslimat muslimin

4. Pepeling

Contona: Anak Adam di dunya anjeun ngumbara

Hirup anjeun di dunya teh moal lila

Anak Adam umur anjeun the ngurangan

Saban poe saban peuting dicontangan

Anak Adam paeh anjeun the nyorangan

Cul anak salaki jeung babandaan

5. Ajaran Agama

Contona: Pardu wudu aya genep sadayana

Hiji niat kadua ngumbah beungeutna

Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikuna

Opat ngusap saeutik tina sirahna

Lima ngumbah suku dua jeung muncangna

Genep tartib sing puguh runtuyanana4

Biasana pupujian di tiap daerah beda-beda meski judulna sarua. Erek tina
katana atawa lagamna. Contona:

4
Yayat Sudaryat, dkk. Pangjembar Basa jeung Sastra Sunda (Bandung: Thursina, 2016), hal 143-144
Kakuping suara adzan di kampung A

Kakuping suanten nu adzan

Di masjid ti katebihan

Singhoreng rek ngawartosan

Hayu urang solat babarengan

Ulah sok solat di imah

Salagi aya masjid mah

Pribumi atawa semah

Hayu urang solat berjamaah

Kakuping suara adzan di kampung B

Kakuping suara nu adzan

Di masjid ti katebihan

Singhoreng rek ngawartosan

Hayu urang solat babarengan

Ulah sok solat di imah

Salagi aya masjid mah

Kecuali anu udur mah


Matak kitu penulis didieu bade nganalisis pupujian nu aya di Kampung
Cimanggu desa Cibaregbeg kecamatan Sagaranten jeung di Kampung Kebonkawung
desa Sukamanis Kecamatan Kadudampit Kabupaten Sukabumi. Nganalisis na nyaeta
ngajentrekeun naon maksud pupujian eta, kaasup kana jenis naon eta pupujian, jeung
di tembangkeun na pas iraha.
A. Pupujian nu aya di Kampung Kebonkawung

Anak Adam

Anak adam di dunya ayeuna ngumbara

Hirup anjeun di dunya the moal lila

Anak Adam umur anjeun the ngurangan

Saban poe saban peuting di centangan

Anak Adam paeh anjeun the nyareungan

Ku anak salaki jeung pabandaan

Anak adam paeh eweuh nu di bawa

Ngan asiwung jeung boeh anu di bawa

Anak adam pasaran the lolongseran

Saban poe saban peuting geugeuroan

Anak adam ayeuna kaluar ti imah

Di garotong dina pasaran ku genah

Aduh bapa aduh ema abi keueung

Rup ku padang

Rup ku taneuh Abdi sieun

Anak adam di kubur teh poek pisan.


Nu nyaangan di kubur teh baca qur’an

Pupujian ieu kaasup kana pupujian anu isina pepeling. Kusabab pupujian ieu
teh ngabejaan bahwa hirup urang salaku manusa teh ngan ibaratkeun ngumbara.
Maksud ngumbara didinya jadi hirup urang di dunya teh moal lila diibaratkeun jiga
jelema nu keur ngumnbara.

Unggal taun teh sabenerna mah arurang ngurangan taun lain nambahan taun.
Ngurangan tina jatah umur arurang anu geus aya di lauh mahfudz saacan arurang di
borojolkeun ka alam dunya. Maka ku kitu na urang kudu ngagunakeun jatah waktu
arurang jang ngalaksanakeun parentah Alloh, sunnah Nabi jeung ninggalkeun naon
wae laranganana.

Unggal poe sagala aktipitas arurang di catet ku Malaikat. Ngke pas maot
urang teh sorangan. Teu mawa harta banda nu di bawa ka kubur mah ngan amal
arurang pas keur hirup. Di alam kubur teh poek pisan nu bisa nyaangan ngan amalan
baca qur’an. Maka ku kituna urang kudu paloba-loba amalan jang ngke bekel jang ka
akherat.

Aya dina hadits nabi nu kie bunyi na teh:

ِ ِ ‫إِذَا قَطَع ابن‬


َ ‫ص َدقَةٌ َجا ِريَةٌ اَْو ع ْل ِم يُْنَت َف ُع بِه او َولَ ٌد‬
ٌ‫صاحل‬ َ ُ‫آد َم ا ْن قَطَ َع َع َملُه‬
َ ُْ َ

Nu hartina: “ lamun maot anak adam, pegat kabeh amalna. Kecuali shodaqoh
jariyah, ilmu anu mangfaat, jeung anak nu sholeh nu ngadoakeunana.
Bring Sakabeh Jalma

Bring sakabeh jalma

Lumpatna ka Nabi Adam

Menta tulung jeung syafaat

Nabi Adam teh ngadawuh

Duh karunya teuing

Boro-boro nyafaatan

Kawula ge ekeur susah

Tuh sugan ka Nabi Nuh

Bring sakabeh jalma

Lumpatna ka Nabi Nuh

Menta tulung jeung syafaat

Nabi Nuh teh ngadawuh

Duh karunya teuing

Boro-boro nyafaatan

Kawula ge ekeur susah

Tuh sugan ka Nabi Ibrahim

Bring sakabeh jalma

Lumpatna ka Nabi Ibrahim

Menta tulung jeung syafaat

Nabi Ibrahim teh ngadawuh

Duh karunya teuing


Boro-boro nyafaatan

Kawula ge ekeur susah

Tuh sugan ka Nabi Musa

Bring sakabeh jalma

Lumpatna ka Nabi Musa

Menta tulung jeung syafaat

Nabi Musa teh ngadawuh

Duh karunya teuing

Boro-boro nyafaatan

Kawula ge ekeur susah

Tuh sugan ka Nabi Isa

Bring sakabeh jalma

Lumpatna ka Nabi Isa

Menta tulung jeung syafaat

Nabi Isa teh ngadawuh

Duh karunya teuing

Boro-boro nyafaatan

Kawula ge ekeur susah

Tuh sugan ka kanjeng Nabi

Bring sakabeh jalma

Lumpatna ka kanjeng Nabi

Menta tulung jeung syafaat

Kanjeng Nabi teras sujud


Kanjeng Nabi teh ngorejat

Narajang naraka galak

Naraka ampun careurik

Hanjat ka meja hejo

Kanjeng nabi ngahukuman

Dina waktu genep zaman

Jalma rengse sadayana

Dina pupujian ieu nerangkeun nalika engké dina dinten terakhir di padang
mahsyar, sadaya jalma-jalma ti mimiti jaman Nabi Adam AS dikumpulkeun. Teras
dina waktos eta aranjeunna lumpat ka nabi-Na pikeun nyuhunkeun syafaat. Jalmi-
jalmi nu tadi baringung. Maranehna lumpat nyuhunkeun syafa'at ka Nabi Adam AS,
tapi Nabi Adam AS teu tiasa masihan syafa’at, sabab anjeunna ngagaduhan
kasalahan sakali nalika anjeunna ngadahar khuldi sareng pamajikanana, Siti Hawa.
Nabi Adam jeung Siti Hawa henteu tiasa nahan nafsu na, anjeunna diusir ti surga ku
Allah SWT. Sareng Nabi Adam nyarankeun ka jalma-jalma nu tadi supados
nyuhunkeun syafa'at ka Nabi Nuh AS.

Maranehna angkat ka Nabi Nuh AS kanggo nyuhunkeun syafa’at. Tapi Nabi


Nuh AS henteu tiasa masihan syafa’at, sabab anjeunna parantos ngadamel kasalahan
pikeun ngado'a umat-Na janten celaka. Nabi Nuh ngawartosan ka jalma-jalma eta
supados nyuhunkeun syafa'at ti Kanjeng Nabi Ibrahim as.

Maranehna datang ka Kanjeng Nabi Ibrahim kanggo nyungkeun syafaat. Tapi


Nabi Ibrahim AS moal tiasa masihan syafa’at, sabab anjeunna ngagaduhan kasalahan
ngabohong dua kali. Anu kahiji pas ditaros ku Raja Namrudz, " saha anu
ngabinasakeun brahala-brahala ieu?" Ibraham ngawaler yen eta mangrupikeun
berhala-berhala pangbadagna anu ngancurkeun berhala-berhala leutik. Anu kadua,
nalika Nabi Ibrahim leumpang sareng istrina, teras naros ku orang musyrik "saha
eta?" Teras kasauran, yen eta adina. Teras Nabi Ibrahim miwarang ka Nabi Musa AS.

Saatos kitu maranehna angkat deui ka Kanjeng Nabi Musa AS kanggo


nyungkeun syafa’at. Kanjeng Nabi Musa AS henteu tiasa masihan syafa’at, sabab
anjeunna ngagaduhan kasalahan, nyaeta nalika Bani Israil sareng Bani Kifti parantos
gelut, kifti eleh ku anjeunna sakali deui. Maka Nabi Musa ngintunkeun jalma-jalma
pikeun nyanghareupan Nabi Isa.

Maranehna angkat ka Kanjeng Nabi Isa. Tapi Nabi Isa AS henteu tiasa
masihan syafa’at oge kusabab pernah ngalakukeun kasalahan, nyaeta dianggap Tuhan
ku urang Kristen. Teras Nabi Isa miwarang jalma-jalma eta nyanghareupan Nabi
Muhammad. Maka firman Alloh “Mangga ku anjeun syafa’atan.

Teras maranehna sumping ka Kanjeng Nabi Muhammad kanggo nyungkeun


syafa’at. Maka kanjeng nabi langsung sujud ka gusti alloh nyuhunkeun syafa’at.
Teras Kanjeng Nabi gugah tina sujud na teras nyafa’atan maranehna. Pupujian ie
kalebet pupujian anu isina pepeling. Pupujian ieu biasana di tembangkeuna sateacan
adzan.
A’qoid Iman

Ari a’qoidna Iman

Eta aya 50 perkara

20 anu wajib di Allah

20 anu muhal di Allah

1 nu wenang di Allah

Jadi jumlah 41

4 nu wajib di Rosul

4 nu muhal di Rosul

1 nu wenang di Rosul

Jadi jumlahna 9

9 sareng 41

jadi jumlah sadayana 50

Wujud, Qidam, Baqo, Mukholafatulilhawadisti, qiyamuhu binafsihi,


wahdaniyat, qudrot, irodat, ilmu, hayat, sama’, bashor, kalam, qodiron, muridan,
aliman, hayyan, sami’an, bashiron, mutakaliman.

Aya, hebeul, langgeng, beda jeung kabeh nu anyar, jumeneng kalawan


dzatna, hiji Allah dina dzatna, hijina sifatna, hiji padameulanana, kawasa, kersa,
uninga, hirupna, ngadangu, ningali, sasauran, bukti kawasa, bukti Allah kersa nu
uninga anu hirupna, bukti nu ngadangu, nu ningali nu ngadawuh, jadi sadayana anu
wajib 20.

Adam, husdust, fana, mumatsalah lilhawadits, ihtiyaj, ta’adud, ‘ajuz,


karohah, jahal, maut, shoma’, a’ma, bukmun, ‘ajizan, karihah, jahilan, mayyitan,
ashoma’, a’ma, abkama.

Eweuh, anyar, ruksak, sarupa reujeung nu anyar, butuh kana tempat, sareng
butuh kanu nangtukeun, bingbilangan dzatna, sifatna, sareng damelna, apes,
kapaksa, bodo, maot, torek, lolongna, pireu bukti Allah anu apes anu kapaksa, anu
bodo, maot, torek, lolong anu pireuna, wenang di Allahna midamel barang nu
mungkin, teu aya n wajib midamel barang nu mungkin.

Shiddiq, Amanah, Tabligh, Fathonah, Kidzib, Khianat, Kitman, Biladah.


Bener, kapercaya, ngadugikeun, reujeung pinter, bohong, cidera, nyumputkeun,
bodo.

Wenang di Rosul na sifat ‘arodh basyariyah, nyaeta hartosna sifat manusa


biasa. Cara tuang, leeut, teu damang, sareng kulemna, tapi teu ngurangan martabat
Rosulna.

Wenang di Rosulna sifat manusa biasa cara tuang, leeut, angkat kulem sajabana.

Maksad tina pupujian di luhur nyaeta Iqoidh Iman mangrupikeun bagian tina
iman anu kedah urang terang. Aya anu ngajelaskeun yen aya 20 sipat anu wajib ka
Alloh, nyaeta:

1. Wujud = Aya

2. Qidam = Baheula

3. Baqo’ = Abadi

4. Mukholafatulilhawadisti = Beda sareng makhluk


5. Qiyamuhu binafsihi = Ajeg tanpa bantosan mahluk anu sanes

6. Wahdaniyat = Hiji

7. Qudrot = Kakuatan

8. Irodat = Sanggup

9. Ilmu = Nyaho

10. Hayat = Hirup

11. Sama’ = Ngadangu

12. Bashor = Ninggal

13. Kalam = Nyarios

14. Qodiron = Alloh kabuktian Maha Kuasa

15. Muridan = Alloh kabuktian berkehendak

16. Aliman = Alloh kabuktian Mengetahui

17. Hayyan = Alloh kabuktian Hirup

18. Sami’an = Alloh kabuktian Ngadangu

19. Bashiron = Alloh kabuktian Ninggali

20. Mutakaliman = Gusti kabuktian nyarios

20 sifat anu mustahil dina Alloh nyaéta:

1. Adam = Teu aya

2. Hudust = Anyar
3. Fana = Rusak

4. Mumatslah lilhawadist = Sarua salaku mahluk

5. Ihiyaj = Peryogikeun ka makhluk

6. Ta'adud = Peryogi nangtang

7. ‘Ajuz = Diitung dzatna, hakekat, perilaku

8. Karohah = Benci

9. Jahal = Bodo

10. Maot = Paeh

11. Shoma’ = Henteu nguping

12. A’ma = Henteu Ningali

13. Bukmun = Pireu

14. 'Ajizan = Alloh kaitung jumlahna

15. Karihan = Alloh kabukti benci

16. Jahilan = Alloh kabukti bodo

17. Mayyitan = Alloh kabukti maot

18. "Ashoma" = Gusti parantos kabuktian moal tiasa nguping

19. 'A'ma = Gusti parantos kabuktian teu tiasa ningal

20. Abkama = Gusti parantos kabuktosan pireu

Aya 4 sifat wajib dina Nabi, nyaéta:


1. Shiddiq = Jujur

2. Amanah = Dipercanten

3. Tabligh = Nyampaikeun

4. Fathonah = Pinter

Aya 4 ciri anu mustahil dina Nabi, nyaéta:

1. Kidzib = Ngabohong

2. Khianat = Teu tiasa dipercaya

3. Kitman = Nyumputkeun

4. Biladah = Bodo

Sipat jaiz Allah nyaéta ngajantenkeun hiji hal, sabab teu aya anu wajib
ngajantenkeun naon wae lian ti Alloh.

Sipat Jaiz di Rosul nyaeta 'Arodh Basyariyah, sifat manusa biasa. Kusabab
cara dahar, nginum, gering, sareng kulem na sami sareng urang. Tapi henteu
ngirangan ka pangkat ka rosulana.

Pupujian ie kaasup kana pupujian ajaran agama, kusabab dina pupujian ieu
urang teh apal naon wae sipat wajib jeung sipat mustahil na Gusti Alloh teras urang
ge apal sipat-sipat wajib jeung mustahil na Nabi. Pupujian ieu biasa di tembangkeun
na saacan ngaos.
Duh Pangeran Abdi

‫تأسر علينا ىف العلم و ال ّدين وال ّدنيا واألخرة‬


ّ ‫رىب يسر لنا وال‬

Duh pangeran abdi

Mugi gusti nga gampilkeun

Sreng mugi gusti

Ulah sampai ngahesekeun

Kana ngaos elmu

Sinareng jalan ibadah

Ker pikeun di dunya

Sumawon na di akherat

Pupujian ieu kaasup kana pupujian anu isina do’a. Kusabab dina pupujian ieu
teh nyaeta pupujian anu harti tina do’a anu dina bagean kahiji. Pupujian ieu teh do’a
pikeun menta di lancarkeun tina neangan elmu jeung tina ngalaksanakeun ibadah
Supaya engke di akherat na salamet. Pupujian ie biasa di tembangkeuna saacan ngaos
atawa pangajian.
Jalma jauh ti ulama

‫باالصالةعلى النيب ووفقين صاحلاة‬

Jalma jauh ti ulama

Balahi tilu rupa

Di weweleh di dunya na

Ku dzolim pamarentahna

Kadua na dileungitkeun barokah tina kasabna

Tilu kaluar ti dunya teu mawa iman maotna

Pupujian ieu teh ngabejaan urang yen sakabeh jalma teh kudu dekeut jeng
cinta ka ulama sabab sangkan urang bagja di dunya jeung di akherat. Lamun tepi ka
urang teu cinta ka ulama bakal meunang balahi atawa azab ti Allah tong boroning di
akherat di dunya ge ges karasa.

Pupujian ieu kaasup pupujian anu isina pepeling. Kusabab dina pupujian ieu
ngingetkeun arurang meh ulah jauh jeung ulama. Pupujian ieu biasana di
tembangkeun pas sore memeh adzan magrib atawa saacan adzan subuh.
Aduh Gusti

Aduh gusti

Abi Sanes ahli syurga

Namun henteu kiat nahan panas naraka

Mugi gusti kersa maparinan tobat

Ngahampura dosa abdi anu lepat

Pupujian ieu sabenerna mangrupakeun terjemahan tina salah sahiji syair anu
mahsyur di masyarakat indonesia, nyaeta syair karya abu nawas salah sahiji ulama
jaman baheula. Syair ieu tuluy di terjemahkeun ku si pangarang kana bahasa sunda.
Eusi tina syair atawa nadzoman ieu teh nyaeta nerangkeun kasieun hiji jalma asup
kana naraka. Manehna ngarasa yen manehna teh lain jelema anu sok ngalaksanakeun
kahadean tapi manehna ge mbung asup kana naraka sabab siksa naraka teh kacida
peurihna. Ku sabab eta anjeuna menta dihampura sakabeh dosana sangkan bisa jadi
ahli surga.
Kakuping Suara Adzan

Kakuping suanten nu adzan

Di masjid ti katebihan

Singhoreng rek ngawartosan

Hayu urang solat babarengan

Ulah sok solat di imah

Salagi aya masjid mah

Pribumi atawa semah

Hayu urang solat berjamaah

Pupujian ie yen ngabejaan yen kana sholat teh kudu di geura keun. Soalna
mun nga engke engke solat bakal cilaka di akheratna meunang siksa nu kacida peurih
na. sapertos dina Al-Qur’an tina surah Al-Ma’un ayat opat nu eusina:

َ ‫َف َويْ ٌل لِّْل ُم‬


‫صلِّنْي َ ۝‬

“Maka, celakalah orang yang shalat”5

Nu hartosna nyaeta cilaka jalma nu solat. Maksad dina ayat eta sanes sadaya jalmi
cilaka au ngalaksanakeun solat. Tapi cilaka didinya jeung ekeur anu kana sholatna teh

5
Departemen Agama. Al-Qur’an Al-Muasir terjemah Kontemporer (Bandung: Khazanah Intelektual,
2017), hal 602.
ngalalaikeun. Kusabab kitu urang salaku jalma muslim kudu nga gegeura ai kana
sholat mah. Komo dilakonan bari berjamaah leuwih hade, pahala na ge leuwih loba.

B. Pupujian nu aya di Kampung Kebonkawung

Eling Eling Dulur

Eling eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Beurang peuting welah weleh

Bisina kaburu paeh

Sabab urang bakal mati

Nyawa dipundut ku Gusti

Matak kudu hati hati

Kana ibadah sing gumeti

Karasana keur sakarat

Hanjakal kaliwat liwat

Sabab ninggalkeun sholat

Kana ibadah sok diliwat

Contohna di banda aceh

Pikeun contoh urang kabeh

Gempa bumi jeung tsunami


Eta pepeling ti Gusti

Harta benda mobil mewah

Hancur lebur jadi runtah

Anak pamajikan pisah

Ka keueum ku cai caah

Dina nadzom ieu si pangarang nyaritakeun jeung ngajak ka urang sararea


sangkan getol ibadah mempeung keur di dunia keneh. Sabab lamun geus maot mah
urang teh teu bisa kukumaha. Teu bisa balik deui keur ngalakonan amal hade sangkan
menang nasib alus di akherat. Dina nadzom ieu ge nerangkeun yen sakabeh harta
benda urang salila keur di dunia teh moal bisa nulungan urang, malah bakal balik
ngaberatkeun urang kana hisaban engke di akherat. Samemeh urang maot teh urang
ge bakal ngarasakeun hela nyerina sakarat, tah nyeri jeung hentena sakarat eta
tergantung ibadah urang keur di dunia.

Nadzom ieu mangrupikeun pepeling keur urang sadayana ngajak supaya ngalakonan
amal hade.
Eling Eling Umat

Eling eling umat

Muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah

Shalat Maghrib

Estu kawajiban

Urang keur di dunya

Pibeukeuleun urang mulih ka Akherat

Sadayana jalmi kedah aribadah

Ngalaksanaken shalat anu lima waktu

Estu kawajiban

Urang keur di dunya

Pibeukeuleun urang mulih ka akherat

Ibadah ka gusti alloh teh rupi rupi bentukna salah sahiji bentuk ibadah ka
alloh teh nyaeta sholat. Sholat teh kacida pentingna, komo lamun di lakonan bari
berjamaah mah pahalana kacida lobana. Matak nadzom ieu ngajak ka urang supaya
ulah kakeun katingaleun solat berjamaah. Mingkin loba kahadean (Sholat) nu ku
urang dilaksanakeun, mingkin gede oge bekeul nu bakal ku urang dibawa keur di
akherat. Malahan aya dina hadits yen sholat jamaah teh pahala leuwih gede dua puluh
darajat tibatan sholat sorangan.

ِ ِ ِ ‫صالَةُ اجْل ماع ِة أَفْضل ِمن‬


َ ‫صالَة الْ َف ِّذ ب َسْب ٍع َوع ْش ِر‬
ً‫ين َد َر َجة‬ َ ْ ُ َ َ ََ َ

“Shalat berjamaah leuwih alus dua puluh darajat tibatan sholat sorangan” (H.R.
Bukhari Muslim)

Pangarang nadzoman ieu nyadar yen umat islam teh ges mulai ningalkeun
kabiasaan sholat berjamaah di masjid, umat islam kiwari loba keneh anu sholat di
imahna sorangan. matak nadzoman ieu dimimitian ku kalimat ‘eling eling umat’
tujuana mere pepeling ka masyarakat yen sholat berjamaah teh kacida pentingna.
25 Nabi

‫حتم على كلى ذى تكلف معرفة بأنبياء على تفصيل قد علموا‬

“eta misti sakur mukallaf nganyahokeun wincikan jenengan nabi dina qur’an masing
timu”.

‫حختنا منهم مثانية من بعد عشر و يبقى سبعة و هم‬


ّ ‫ىف تلك‬

“ayat 18 ,‫حختنا‬
ّ ‫ تلك‬kumpulna, 7 nyesa nu teu kumpul, jenengana teu katimu”.

‫ادريس هود شعيب صاحل وكذا ذوالكفل ادام با اخلتار قد ختموا‬

“Idris, Syuaib, Hud, jeung Sholih, Dzulkifli, Nabi Adam, Nabi Muhammad
panungtungna para Nabi masing timu”.

Adam, Idris, Nuh, Hud Shaleh

Ibrahim, Luth, Isma’il, Ishaq, Yaqub, Yusuf, Ayyub

Stu’aib. Musa, Harun, Dzulkifli

Daud, Sulaiman, Ilyas, Ilyasa


Yunus, Dzakaria, Yahya, Isa

‫حممد املصطفى‬
ّ ,‫واألخراخلامت األنبياء‬

Pupujian ieu mangrupakeun kaasup kana pupujian ajaran agama. Kusabab


pupujian ieu ngabejaan ka arurang bahwa Nabi-Nabi nu wajib ku urang apal teh aya
25, ti mulai nabi Adam, Idris, Nuh, Hud Shaleh, Ibrahim, Luth, Isma’il, Ishaq,Yaqub,
Yusuf, Ayyub, Syu’aib. Musa, Harun, Dzulkifli, Daud, Sulaiman, Ilyas, Ilyasa,
Yunus, Dzakaria, Yahya, Isa. Jeung nu terakhir panutup para Nabi nyaeta Kanjeng
Nabi Muhammad SAW. Pupujian ieu biasana di tembangkeun saacan pangajian
barudak di madrasah.
La Haula

‫والقوة اال باهلل العلي العظيم‬


ّ ‫الحول‬
Teu aya daya sareng kakiatan

Anging ku pitulung Allah anu Agung

Anging ku pitulung Allah anu Agung

Sabenerna pupujian ieu teh lafadz hauqalah. Naon ari lafadz hauqalah?

Lafadz hauqolah nyaeta ‫ الح ول والق ّوة اال باهلل العلي العظيم‬teu aya daya sareng

kakiatan anging ku pitulung Allah nu Agung. Sadaya kakiatan nu ku arurang boga,


kakuatan jang ngalaksanakeun parentah-Na jeung ngajauhi larangan-Na kabeh
asalana ti Alloh SWT.

Nabi Ibrahim nyebut kalimah hauqalah ieu ku sebutang ghirasil jannah nu


hartina taman surga, kusabab endahna ieu kalimat. Kusabab kitu urang biasakeun
maca lafadz hauqalah ti kahirupan sapopoe.

Aya oge lafadz atau kalimah kalimah lain nu kudu ku arurang di biasakeun di
baca unggal poe, nyaeta:

- Kalimah Hamdalah ‫العاملني‬ ‫رب‬


ّ ‫احلمد هلل‬
Nu hartina “Sagala puji bagi Alloh nu ngurus sakabeh alam” di ucapkeun
upami arurang meunangkeun suatu hal anu ngabagjakeun.

- Kalimah Tarji ‫راجعون‬ ‫انا هلل وانااليه‬


Nu hartosna “Sagala puji bagi Alloh nu ngatur sakabeh alam jeung ka Alloh
oge urang sadayana kembali” jeung masih seueur kalimah-kalimah anu
sanesna.
Rundayan Kanjeng Nabi

Wajib ka jalma islamna

Uninga rundayanana

Kanjeng Nabi utusan Allah

Muhammad putra Abdullah

Abdullah putra Muthalib

Muthalib putrana Hasyim

Hasyim putra Abi Manaf

Abi Manaf putra Qushoy

Qushoy putra Kilab

Kilab putrana Muroh

Muroh putrana Ka’ab

Ka’ab putarana Luay

Luay putrana Golib


Golib putrana Fihir

Fihir putrana Malik

Malik putrana Nadhor

Nadhor putra Kinanah

Kinanah puutra Huzaimah

Huzaimah putrana Mudrikah

Mudrikah putrana Ilyas

Ilyas putrana Mudhor

Mudhor putrana Nizar

Nizar putrana Ma’ad

Ma’ad putrana Adnan

Nu wajib dugi ka Adnan

Haram nguningakeunana

Ti Adnan dugi ka Adam

Sabab teu aya jalan soheh

Wajib deui uningana

Rundayana ti ibuna

Kanjeng nabi utusan Allah

Muhammad Putra Aminah


Aminah putrana Wahab

Wahab putra Abdi Manaf

Abdi Manaf putra Zuhroh

Zuhroh putrana Qilab

Tepang deui jeung ramana

Di Qilab janggawarengna

Jadi ibu jeung ramana

Masih keneh sarendayan

Pupujian ieu kaasup kana pupujian anu isina pangajaran. Kusabab dina
pupujian ieu teh urang jadi apal saha wae ai rundayan ti kanjeng Nabi teh. Ek ti
indungna atawa bapana aya dina pupujian ieu. Rundayan ti bapana, mimiti ti Nabi
Muhammad putra Abdullah Abdullah putra Muthalib, Muthalib putrana Hasyim,
Hasyim putra Abi Manaf, Abi Manaf putra Qushoy, Qushoy putra Kilab, Kilab
putrana Muroh, Muroh putrana Ka’ab, Ka’ab putarana Luay, Luay putrana Golib,
Golib putrana Fihir, Fihir putrana Malik, Malik putrana Nadhor ,Nadhor putra
Kinanah, Kinanah puutra Huzaimah, Huzaimah putrana Mudrikah, Mudrikah putrana
Ilyas, Ilyas putrana Mudhor, Mudhor putrana Nizar, Nizar putrana Ma’ad, nepi kanu
panungtung Ma’ad putrana Adnan. Mung nu wajib ku arurang nyaho nagn nepi ka
Adnan wungkul kusabab haram hukumna da teu acan manggih dalil anu shoheh jang
ngajelaskeunana.

Aya oge rundayan ti ibuna kanjeng Nabi ti mimiti Muhammad Putra Aminah,
Aminah putrana Wahab, Wahab putra Abdi Manaf, Abdi Manaf putra Zuhroh,
Zuhroh putrana Qilab tepang deui jeung ramana di Qilab janggawarengna, jadi ibu
jeung ramana masih keneh sarendayan. Pupujian ieu biasa di tembangkeun pas ek
ngaji barudak madrasah sabari nungguan ustadna.

Nu Ngocor Ka Alam Kubur

‫اللهم صلى على سيدنا حممد‬

‫يا رىب صلى عليه وسليم‬


Anu ngocor ka alam kubur

Tilu dina hadits rasul

Hiji shodaqah jariyah

Nyaeta wakaf nu ikhlas

Dua gaduh ilmu manfaat

Serta di alam manfaat

Tilu gaduh putra nu sholeh

Ngadoakeun te weleh weleh

Cindung lain ciri santri

Lain ciri ibu haji

Tapi cindung ciri istri kanu ngabakti kanu Maha Suci


Saeunyana malaikat meberkeun dua jangjangna

Ka jalma nu angkat ngaos bari sae pamaksadna

‫اللهم صلى على سيدنا حممد‬

‫يا رىب صلى عليه وسليم‬

Pupujian ieu mangrupakeun pepeling ka jelema sangkan boga bekel keur


diakherat, tapi salain bekel kahadean anu bakal ku urang dibawa nalika urang maot
aya kahadean kahadean lain anu masih tetep bisa jadi pahala sanajan urang ges maot
nyaeta kahiji sodaqoh, kaduana elmu anu manfaat contona lamun urang salila didunia
ngajarkeun amal sholeh kabatur tuluy nalika urang maot teh jelema anu diajarkeun ku
urang teh masih ngalakonan eta amal sholeh maka ganjaran na ngocor ka urang
sanajan lain urang nu ibadahna, katilu doa anak anu sholeh pasti bakal tepi ka indung
bapana lamun ges maraot.

Dina bait salajengna nadzoman ieu nerangkeun kawajiban umat islam (istri)
pikeun nganggo cinung, sabab dosa hukumna lamun istri anu tos baleg henteu
nutupan auratna. 1 istri anu ngajalankeun kawajiban na nganggo cinung berarti eta
istri teh tos ngabuktikeun yen manehna bakti ka alloh swt.

Bait anu terakhir nerangkeun ganjaran jeung baleasan alloh ka jalma anu
neangan ilmu.sangkan ku wajibna neangan elmu alloh nerangkeun yen malaikat
meberkeun jangjangna ka jelema anu angkat ngaos. Tapi kudu dibarengan ku niat
alus atau niat karna alloh sabab lamun henteu maka ganjaran anu disebutkeun ku
alloh diluhur moal tepi ka jalma anu teu ikhlas.
Daptar Pustaka

Alwi Hasan, dkk. 2003 Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Kamil, Sukron. Teori Kritik Sastra Arab. 2012. Depok: PT Rajagrafindo Persadahal.

Sudaryat Yayat, dkk. 2016. Pangjembar Basa jeung Sastra Sunda. Bandung:
Thursina.

You might also like